Garut sakabaca.online 09 februari 2026 – Ayeuna mah kudu jujur wae: urang geus poho kana kawajiban. Poho ngadidik budaya Sunda, poho kana agama, poho kana tanggung jawab ka barudak sorangan. Sadayana dijadikeun duit. Budaya dijual, agama dipaké alat, pendidikan dijadikeun ladang bisnis. Teu aya deui rasa salah, nu penting mah jalan, nu penting mah cair.
Sakola ayeuna lain tempat ngadidik, tapi tempat dagang. Murid lain dianggap manusa, tapi angka. Data diobral ka mana-mana, tumpang tindih, dimanipulasi, teu jelas saha nu bener, teu jelas saha nu tanggung jawab. Barudak ngan jadi korban sistem bangsat nu dijieun ku urang sorangan.
Nagri ieu lain diruksak ku penjajah. Teu aya Walanda, teu aya bedil. Nu ngaruksak mah bangsa sorangan.loba oknum Aparat, birokrat, pendidik ,nu ngaku pinter, kabeh milu ngarusak. Data nagara dijieun mainan, pendidikan dijieun proyek, barudak dijieun tumbal.
Nu leuwih nyeri deui, kolot-kolot loba nu teu malire. Isuk peuting sibuk joged di TikTok, ngudag like jeung view, bari barudakna leungit arah. Teu diajar tatakrama, teu nyaho adab, teu apal kana budaya sorangan. Kolotna aya, tapi fungsina euweuh.
Generasi ayeuna teu rusak ku kamiskinan wungkul, tapi ku lalawora. Logikana diasupan ku algoritma, haténa kosong ku tuntunan. Maranéhna pinter nyepeng HP, tapi bego kana jati diri. Apal tren, tapi teu apal saha dirina.
Lamun kieu terus, ulah ngimpi boga generasi hadé. Nu bakal datang mah generasi lieur, generasi amarah, generasi nu teu boga akar. Jeung lamun nagri ieu ahirna ruksak, ulah salahkeun batur. Ieu kabeh hasil tina kalakuan urang sorangan nu ngajual nilai demi duit jeung kapentingan.
