Jurnalis Ngadegkeun Nagara, Tapi Poho Dihargaan

 

Sakabaca.online 10 februari 2026 – isukan dahar naon. Ieu kanyataan jurnalis ayeuna: nulis bebeneran bari beuteung kosong. Nagara teu paduli. Pejabat teu paduli. Organisasi pers loba nu ukur bisa pidato.

Padahal lamun teu poho sajarah, nagara ieu lahir ku tulisan. Ku koran. Ku pamadegan. Ku jurnalis. Sukarno gé jurnalis. Anjeunna nulis nepi ka dipenjara, diasingkeun. Nulisna nyieun kolonial peurih. Tapi ayeuna, jurnalis nulis saeutik wae nu bener, langsung diteken, diancam, disebut ribut.

Sukarno nulis di Fikiran Ra’jat, Suluh Indonesia Muda. Anjeunna ngagerakkeun bangsa ku kecap. Ayeuna kecap jurnalis mah dianggap gangguan. Teu dihargaan. Teu diaku. Teu dipikabutuh, iwal lamun keur butuh panggung.

Jurnalis kiwari dipaké siga kondom: dipaké pas perlu, dialungkeun sanggeusna. Beritana disedot, datana dicokot, tapi mun wartawanna diancam, diserang, diteken, teu aya nu nanggung jawab. Nagara cicing. Organisasi pura-pura teu nyaho.

Disuruh netral, padahal hirupna teu adil. Disuruh profesional, tapi digajih teu puguh. Disuruh wani, tapi mun aya masalah, disuruh sabar. Ieu mah lain pers merdeka, ieu pers diperas.

Nagara resep muji Sukarno. Potona di mana-mana. Omonganana dicutat. Tapi anjeunna jurnalis, jeung jurnalis ayeuna malah dipopohokeun.

Ieu nagara krisis ingatan : muji sajarah, tapi ngahina palakuna.

Jurnalisme ayeuna lain krisis moral. Jurnalisme krisis dahar. Kumaha rék idealis lamun kontrakan nunggak? Kumaha rék jujur lamun hirup disetir ku rasa lapar?

Mun jurnalis terus dipaksa kuat bari teu dipiara, ulah salahkeun lamun hiji waktu teu aya deui nu nulis bebeneran. Sabab jurnalis ogé manusa, lain mesin berita.

Jeung lamun bebeneran eureun ditulis, nu sabenerna ruksak lain jurnalisna—
tapi nagara ieu sorangan, nu poho yén dirina kungsi dilahirkeun ku jurnalis.

Admin
Author: Admin

Penulis

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *